Sabtu, 06 November 2010

Doa Murid ka Guru

Puji syukur ka kersana Gusti
Rahmat salamna ka Nabi Ummi
Ridha Gusti ka sobatna Nabi
Ka sadayana dulur sim abdi

Ku berkat Nabi Al-Badawi
Ku berkat na Bani Alawi
Kana dosana Guru sim abdi
Pangapunteuna anu utami

Ku berkah para Guru anjeunna
Ku berkah ku ngaguru mantenna
Ngajantenkeun nu sae sangkina
Ngahapus anu awon sangkina

Kana Ma'rifat mugi Pasihan
Kana Hidayah mugi Bagian
Kana Maham pamugi Rizkian
Kana Yakin pamugi Bekalan

Elmuna tur sing nyebar Manfaat
Tur sing janten wasilah Syafa'at
Jantenkeun benteng tina maksiat
Benteng sadaya murid nu tho'at (taat)

Nun Gusti ku Agungna Paduka
Guru sing janten umat Nabina
supados abdi sareng baraya
kengeng Ridho lebet ka Sawarga